Minggu, 17 Juli 2022

Transformasi Eks UPK DBM (Dana Bergulir Masyarakat ) jadi BUMDesma (BUMDesa Bersama)

     Numutkeun amanah Undang Undang Cipta Kerja , Unit Pengelola Kegiatan atawa UPK  eks PNPM Mandiri Perdesaan  nu ngelola kegiatan perguliran dana masyarakat kudu dirobah jadi BUMDes bersama, nu numutkeun aturan ngabentukna geus diberelekeun dina Permendesa No 15 Taun 2021. Istilah dirobah supaya rada gaul jeung istilah nu nyebar cuang ganti w jadi frasa transformasi.

    Aya opat poin numutkeun amanah Permendesa 15 2021 nu kudu ditransformasikeun ,

Kahiji, Transformasi Asset

Kadua, Transformasi Personil

Katilu Transformasi Manajeman

Kaopat, Transformasi Kagiatan

    Balik kana frasa transformasi, sok ras inget kana carita fiksi film transformer, kana film saras 008, eta saras mun geus ngagorowok "berubah !!, langsung robah wujud langsung robah kamampuana oge, malah bisa ngapung sagala rupa., ngalantur saeutik lur

    Kaasup di desa kuring UPK nu ku kaparigelan pangurus na nu rata rata mah eks aktivis PNPM , ayna geus nepika ngabogaan asset 6 Milyar, nu awal ngabentukna ku modal 140 juta an, Ruaar biasaa ceuk kuring mah. Ayna kudu transformasi jadi BUMDes Bersama . Ulah salah kaprah, aya nu nyebut bagi bagi keureutan kueh,,lain berarti jadi milik pamarentah  coy, ieu aset disebutna milik bersama masyarakat . Sok riweuh ah..

Cag hla kediteruskeun deui lur




    


    

Senin, 11 Juli 2022

Sawindu Undang Undang Desa _NGAWANGUN RELASI DESA - KOTA

     Taun 2014 Undang Undang Desa ges diketok di gedong DPR, jadi mun ngitung kala mah nepika ayna geus kana 8 taun alias sawindu  ieu undang undang mayungan desa secara hukum , desa salaku kesatuan masyarakat hukum jeung saterusna numutkeun definisi desa nu ditulis dina pasal UU No 6 Taun 2014.

    Ges nepi kamana atuh danget ayna kamajuan desa teh? apanan ayna mah desa teh dibiayaan unggal taun ku nu disebut Dana Desa, nu ceuk bapa presiden mah triliunan digelontorkan  ti APBN dialokasikan untuk Desa bahkan tiap taun anggaran Dana Desa terus meningkat ,, demi desa jeung kamajuana.😉

    Balik kana kamajuan desa, lur,, nu kumaha atuh anu disebut desa nu maju teh? naha desa nu siga kota atawa nu kumaha?  numutkeun kuring ieu peryogi dirumuskeun ,, lur. sabab mun nilik kana anu disebut IDM atawa Indek Desa Membangun, indikator Desa nu diharepkeun teh siga nu hayang mangrupaan  kota. Bet naha nya? Kuring nu salah persepsi kitu? 😚,, sabab desa jeung kota apanan beda, beda karakter beda sifat, sok sanajan desa jeung kota boga relasi atawa hubungan nu teu bisa dipisahkeun,, conto sederhana be, hasil tatanen kota apanan dipasok na ti desa, pakean di desa meulina apanan ti kota. 

      Singgetna tolak ukur kamajuan desa kudu boga indikator sorangan nu pendekatana kana nilai nilai sosial desa eta sorangan


Cangkeul nepika dieu heula w nya



....kediteruskeun lur



Senin, 18 Januari 2021

Ciamis Pilkades Serentak 2020 Vs Covid 19

    Sabaraha poe kahareup bapa bupati Ciamis nu ayna,  nyaeta Bapak Dr H Herdiat Sunarya , bakal ngaisteranan atawa ngalantik 143 urang Kepala Desa nu kapilih dina Pamilihan Kepala Desa 19 Desember 2020 sabulanan katukang,kaasup di desa kuring lembur maneuh  tempat banjar karang pamidangan, Desa Cibeureum.
    Opat urang calon tandang makalangan, anu dina kompetisi demokrasi ieu dimeunangkeun ku nonoman  umur 35 an, wasta Ayi Hidayat. anjeuna meunang telak 53% tina suara sah ngaleledkeun beubeunangan sora 3 lawana. Ieu nonoman tadina icikibung di pamarentahan desa kapeto jadi Ketua BPD (Badan Perwakilan Desa). Lulusan Uninus ieu memang samemehna geus digadang gadang jadi calon nu pininjul dina ngaraup sora. Kaasup luar biasa memang, tina 13 TPS manehna ampir nguasai sora.Kaasup unggullah sanajan dina TPS eta aya lawan. inilah demokrasi bro..kitu cenah mun ceuk alo kuring nu ker SMA keneh mah.
    Pamiarsah,,,sakadar pengumuman  hehe ,,kuring salah saurang tina rengrengan kapanitian ieu pilkades, ampir sataun lur ..jadi panitia, tapi dihonoran namah ngan 5 kali asana mah,,,iklas lah demi bumi pertiwi ,,hhuhuyyy... perjalanan ieu pilkades ditunda nepika dua kali lur,nya teu kudu dicaritakeunlah memang kabeh apal ku alatan Covid 19, nu dramatis mah penundaan nu kadua ,,isukna rek pencoblosan,,jol surat ti panitia kabupaten,,PILKADES DITUNDA sampai dengan batas waktu yang belum bisa ditentukan,, atuuhh panitia di desa kaasup kuring karororoncodan disarerang ku tim calon,,,,singkat carita Panitia desa nu diluluguan ku H Iyar Tamaswara salaku Ketua Panicia , ngagurug demo tiditu na mah ka kantor DPRD lanjut ka Pendopo Ciamis,,,. ramelah dina koran dina medsos ge beritana .
    Dina 19 Desember , jol surat bapa bupati pikeun ngalanjutkeun tahapan, derrr w geus kitu mah, pencoblosan dibarengan ku prototokol Covid 19,, 
    Alhamdulillah ayna desa kuring boga kuwu anyar, mugia leuwih nanjeur leuwih inovatif leuwih kreatif dina mupuhuan pangwangunan di desa kuring,, mugia baldatun toyibatun warobun gofur... cag ah cangkeul ngetikna.😀
 

Senin, 18 Maret 2019

Mapag Calon Inohong




Sampurasun..
alieuh lurr,,, teu karasa, asa kamari lima taun katukang nagara urang hajat demokrasi, nya pemilihan umum tea, nincak taun ayna ges nepi deui kana hajat rutin lima taunan ieu.
sanajan kitu kuring tetep renggenek miharep hasil tina ieu hajatan teh ngalahirkeun sistem nu matak piwaluyaeun nanjeurna lemah cai ,,Indonesia , salian ti eta ngaliwatan ieu hajatan demokrasi bisa ngalahirkeun para inohong , para pamingpin nu amanah ,cinta ka lemah cai tur asih karahayatna.
naon deui atuh,?? ulah nepika nu enggeus enggeus aya carita habis manis sepah dibuang , teu cara ker perluna mere sora sangkan meunang, geus meunang ongkang ongkang ,teu inget kapurwadaksi. ceuk sinyoh mah Good bye sajahhhh....
nu anyar dina ieu hajatan pileg pilpres dihijikeun dina sawaktu nyatana 17 April 2019
kade ah lur ulah poho indit ka TPS,,salurkeun hak urang salaku warga nagara 
nya kitu w lur heula anan, itungan mukadimah ti pilemburan dina ieu taun pulitik,,,

Kamis, 10 Maret 2016

BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA

Paribasa Sunda... ngamimitian tina A :
Adam
1.
Adam lali tapel
Hartina : Poho ka baraya jeung poho ka lemah cai
Adat
2.
Adat kakurung ku iga
Hartina : Adat hese digantina
Adean
3.
Adean ku kuda beureum
Hartina : Beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur
Adigung
4.
Adigung adiguna
Hartina : Gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omongana
Ajak
5.
Ajak Jawa
Hartina : Ngajak nu henteu saenyana, henteu jeung hate ngan ukur papaes supaya ngeunahan batur
Ajul
6.
Ngajul  bulan ku asiwung
Hartina : Usaha nu mubadir, moal ngadatangkeun hasil
Adu
7.
Ngadu angklung di pasar
Hartina : Papaduan nguruskeun nu euweuh mangfaatna haruepeun jalma loba

8.
Ngadu ngadu rajawisuna
Hartina : Mawakeun omongan si A ka si B, oge carita si B dipulihkeun deui ka si A, Temahna si A jeung si B parasea. Parea rea beunang jeung parea rea omong.
Agul
9.
Agul ku payung butut
Hartina : Ngagulkeun luluhur sorangan
Aya
10.
Aya astana sajeungkal
Hartina : Anu mustahil oge kajadian.

11.
Aya jalan Komo meuntas
Hartina : Eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun atawa pijalaneun

12.
Aya bagja teu daulat
Hartina : Arek meunang bagja atawa kauntungan, tapi teu tulus

13.
Aya peurah
Hartina : Aya komara, aya harga, aya pangaji
Ayakan
14.
Ayakan tara meunang kancra
Hartina : Nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana
Akal
15.
Akal koja
Hartina : Pinter dina kagorengan atawa kajahatan

16.
Mun teu ngakal mual ngakeul
Hartina : Mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki
Aku
17.
Aku panggung
Hartina : Darehdeh jeung mere maweh ngan hanjakal ku ieu aing, asa pangpunjulna, pangbeungharna

18.
Aku aku angga
Hartina : 1. Ngaku barang batur kalawan boga maksud hayang mibanda
                 2. Ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng kalawan aya                      pangarahan , mamrih kahormatan atawa kauntungan
Aki
19.
Aki aki tujuh mulud
Hartina : Lalaki nu geus kolot pisan
Alak
20.
Alak paul
Hartina : Tempat nu lain di kieuna, jauhna jeung pisusaheunana
Alak alak
21.
Alak alak cumampaka
Hartina : 1. Resep jeung hayang dipuji ku batur boga rasa pangpunjulna
2. Nu handap hayang nyaruaan nu luhur
Alang
22.
Teu puguh alang ujurna
Hartina : Teu puguh entep seureuhna, teu beres, lain kitu kuduna.
Alus
23.
Alus panggung / Alus laur = Alus laur hade ome
Hartina :Tegep dedeg pangadegna
Ambek
24.
Ambek nyedek tanaga midek
Hartina : Ari napsu pohara gedena ngan hanjakal teu ka untup ku tanaga
Ambeu
25.
Seukeut ambeu sekeut panon
Hartina : Loba mata mata na jeung pinter nyusud perkara, nepika perkara nu kumaha bae bisa kabongkar

26.
Teu diambeuan
Hartina : Teu dipikaserab teu dipikasieun
Amis
27.
Dipiamis buah gintung
Hartina : Disangka hade jeung bageur tapi buktina goreng jeung jahat
Anak
28.
Anak emas
Hartina : Budak nu kacida dipikanyaahna

29.
Anak merak kukuncungan
Hartina : Sifat sifat aya dianak, sasarina loba nu diturunkeun ku kolotna.

30.
Anak puputon
Hartina : anak nu kacida didama damana, nu pohara dipikanyaahna.
Anjing
31.
Anjing ngagogogan kalong
Hartina : Mikahayang nu lain lain nu pamohalan pilaksanaaeun

32.
Nulungan anjing ka dempet
Hartina : Nulungan jalama nu teu boga rasa tumarima

33.
Beuteung anjingeun
Hartina : Ngeunaan beuteung jelma nu beuteungna siga beuteung anjing
Andon
34.
Tikoro andon peso
Hartina : Ngadeukeutan jalma nu bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka urang
Anteur
35.
Paanteur anteur julang
Hartina : Silih anteur make aya dua tilu kalina
Aub
36.
Aub payung, sabet sapon, sabasoba
Hartina : Wewengkon ngeunaan tanah
Areuy
37.
Ngadaweung ngabangbang areuy
Hartina : Pohara nieung na kana zaman nu geus ka sorangbnepika matak waas pacampur jeung sedih
Ari
38.
Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed
Hartina : Umur geus luhur, hate mah ngongoraeun keneh
Asa
39.
Asa ditonjok congcot
Hartina : Meunang kabungah gede nu teu diarep arep

40.
Asa nanggeuy endog beubeureumna
Hartina : Kacida nyaahna

41.
Asa potong leungeun katuhu
Hartina : Leungiteun jelma nu pohara hade gawena

42.
Asa tungkeb bumi alam
Hartina : Rarasaan jalma nu keur pohara bingungna , poek pipikiranana

43.
Henteu asa jeung jiga
Hartina : Teu asa asa teu asa ka deungeun deungeun asa ka dulur bae, lantaran geus lila babarengan
Aseupan
44.
Tamplok aseupan
Hartina : Nurun sagemblengna ka anak boh dedegana boh tingkah polahna
Asih
45.
Nu asih di pulang sengit , nu haat dipulang moha
Hartina : Nu hade jeung loba jasana ka diri urang dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa kalakuan
Ateul
46.
Ngaliarkeun taleus ateul
Hartina : Ngabeja bejakeun kagorengan atawa kajahatan anu lian
Ati
47.
Ati mungkir beungeut nyanghareup
Hartina : Siga suka tapi henteu, siga bageur tapi henteu , cindekna omongan jeung kereteg hate teu sarua

48.
Ati putih badan bodas
Hartina : Beresih hate teu aya geuneuk maleukmeuk
Acak
49.
Ngacak ngebur
Hartina : Rek make naon bisa , sabab geus aya jeung sadia
Awak
50.
Awak sabeulah
Hartina : Teu ririmbitan, teu boga salaki atawa pamajikan

51.
Awak sampayeun
Hartina : Make pakean nu kumaha bae oge katempo alus
Awur
52.
Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam
Hartina : Ngaraeh jeung darehdeh ka dengeun sabab hayang dipuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur baraya

Kamis, 06 Maret 2014

Taun Pulitik

Taun 2014 nyaeta taun politik,sabab ditaun ieu pisan lumangsungna dua pagelaran pamilihan ,,nyaeta wakil rakyat anu ceuk Mang Tarsa mah... tatangga kuring ,,,milih caleg cenah... jeung milih Presiden,,, dua-duana Ulil Amri....kusabab kitu dina alam demokrasi,,,konsekwensi tina sistem demokrasi tea nu dianut ku bangsa urang,,, sagala macem dikaitkeun jeung urusan politik,,nu lewih melang jeung hariwang sagala hal dipolitisir. Beda baju,,,dikaitkeun,,,, beda cet imah dikaitkeun,,,beda diuk diwarung oge dikaitkeun,,, heuheuy..... Ninggang dimasyarakat awam nu lolobana cicing dipadesaan,,palauuuur,,,, dampakna ,,,. Nu dipiharep ieu para calon Ulil Amri teh mugia sing bisa neuleuman ngamaknaan tujuan nu sabenerna,,,, nyaeta Baldatun Toyibatun Warobungofur... Cag ah...ke disambung deui.

Minggu, 28 April 2013

Sampurasun Lembur

        Lembur kuring,,asa rada harengheng , nyanghareupan pesta demokrasi Pemilu 2014, utamana Pemilu Legislatif. Nu geus kadenge ayeuna aya kurang leuwih 10 (sapuluh)  urang -ti sakacamatan, nu geus ngadaftarkeun dirina pikeun makalangan dina pamilihan anggota dewan  di kabupaten. -pikeun gambaran: sa kacamatan, nu ngabogaan hak pilih (kacatet dina DPT pamilihan gubernur) kurang leuwih 17.000 urang, sedengkeun   angka partisifasina kurang leuwih 12.000 urang -. Pikeun itung itungan adiladilan mah -mun bisa eta ge adiladilan - mun 12.000 sora dibagikeun ka 10 urang , hartina saurang meunang 1200 sora. sedengkeun numutkeun itungan prosentase BPP pikeun meunang korsi jang diuk di gedong dewan kabupaten, kudu meunang kurang leuwih 5000 sora, jadi mun hayang meunang korsi kabeh ti lembur kuring, masing masing caleg (calon anggota legislatif) kudu neangan 3500 sora deui ti kacamatan lain nu sa dapil (daerah pamilihan), hag siah... 
      Sanajan kitu,,,hiji kareueus jang kuring mah, sabab urang lembur ,, ayeuna geus loba nu wani mintonkeun dirina makalangan dina pesta akbar nu kacida nangtukeunana pikeun maju mundurna hiji bangsa. Sanajan kitu,,-sigana lain kuring wungkul- masih keneh dina sirah mah ngangkaruk pikiran ,"hayang korsi jabatan meh diagung agung ku urang lembur  bari jeung ngahakan gaji buta wungkul atawa bener bener rek merjoangkeun aspirasi masyarakat pikeun kamajuan balarea?. Ah teuing ..palalaur kuring mah mun enya kitu teh , mudah mudahan wae lain kitu.. baid..baid..
         Cag ah , yu batur sa lembur...urang ngadoa sabisa bisa sangkan repeh rapih aman lancar

Transformasi Eks UPK DBM (Dana Bergulir Masyarakat ) jadi BUMDesma (BUMDesa Bersama)

      Numutkeun amanah Undang Undang Cipta Kerja , Unit Pengelola Kegiatan atawa UPK  eks PNPM Mandiri Perdesaan  nu ngelola kegiatan pergul...