Paribasa Sunda... ngamimitian tina A :
Adam
|
1.
|
Adam lali tapel
Hartina : Poho ka baraya jeung poho ka lemah cai
|
Adat
|
2.
|
Adat kakurung ku iga
Hartina : Adat hese digantina
|
Adean
|
3.
|
Adean ku kuda beureum
Hartina : Beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur
|
Adigung
|
4.
|
Adigung adiguna
Hartina : Gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku
lampahna jeung omongana
|
Ajak
|
5.
|
Ajak Jawa
Hartina : Ngajak nu henteu saenyana, henteu jeung hate ngan ukur
papaes supaya ngeunahan batur
|
Ajul
|
6.
|
Ngajul bulan ku asiwung
Hartina : Usaha nu mubadir, moal ngadatangkeun hasil
|
Adu
|
7.
|
Ngadu angklung di pasar
Hartina : Papaduan nguruskeun nu euweuh mangfaatna haruepeun jalma
loba
|
|
8.
|
Ngadu ngadu rajawisuna
Hartina : Mawakeun omongan si A ka si B, oge carita si B dipulihkeun
deui ka si A, Temahna si A jeung si B parasea. Parea rea beunang jeung parea
rea omong.
|
Agul
|
9.
|
Agul ku payung butut
Hartina : Ngagulkeun luluhur sorangan
|
Aya
|
10.
|
Aya astana sajeungkal
Hartina : Anu mustahil oge kajadian.
|
|
11.
|
Aya jalan Komo meuntas
Hartina : Eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun atawa
pijalaneun
|
|
12.
|
Aya bagja teu daulat
Hartina : Arek meunang bagja atawa kauntungan, tapi teu tulus
|
|
13.
|
Aya peurah
Hartina : Aya komara, aya harga, aya pangaji
|
Ayakan
|
14.
|
Ayakan tara meunang kancra
Hartina : Nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung
panghasilanana
|
Akal
|
15.
|
Akal koja
Hartina : Pinter dina kagorengan atawa kajahatan
|
|
16.
|
Mun teu ngakal mual ngakeul
Hartina : Mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki
|
Aku
|
17.
|
Aku panggung
Hartina : Darehdeh jeung mere maweh ngan hanjakal ku ieu aing, asa
pangpunjulna, pangbeungharna
|
|
18.
|
Aku aku angga
Hartina : 1. Ngaku barang batur kalawan boga maksud hayang mibanda
2. Ngaku
baraya batur anu beunghar atawa jeneng kalawan aya pangarahan , mamrih
kahormatan atawa kauntungan
|
Aki
|
19.
|
Aki aki tujuh mulud
Hartina : Lalaki nu geus kolot pisan
|
Alak
|
20.
|
Alak paul
Hartina : Tempat nu lain di kieuna, jauhna jeung pisusaheunana
|
Alak alak
|
21.
|
Alak alak cumampaka
Hartina : 1. Resep jeung hayang dipuji ku batur boga rasa
pangpunjulna
2. Nu handap hayang nyaruaan nu luhur
|
Alang
|
22.
|
Teu puguh alang ujurna
Hartina : Teu puguh entep seureuhna, teu beres, lain kitu kuduna.
|
Alus
|
23.
|
Alus panggung / Alus laur =
Alus laur hade ome
Hartina :Tegep dedeg pangadegna
|
Ambek
|
24.
|
Ambek nyedek tanaga midek
Hartina : Ari napsu pohara gedena ngan hanjakal teu ka untup ku
tanaga
|
Ambeu
|
25.
|
Seukeut ambeu sekeut panon
Hartina : Loba mata mata na jeung pinter nyusud perkara, nepika
perkara nu kumaha bae bisa kabongkar
|
|
26.
|
Teu diambeuan
Hartina : Teu dipikaserab teu dipikasieun
|
Amis
|
27.
|
Dipiamis buah gintung
Hartina : Disangka hade jeung bageur tapi buktina goreng jeung jahat
|
Anak
|
28.
|
Anak emas
Hartina : Budak nu kacida dipikanyaahna
|
|
29.
|
Anak merak kukuncungan
Hartina : Sifat sifat aya dianak, sasarina loba nu diturunkeun ku
kolotna.
|
|
30.
|
Anak puputon
Hartina : anak nu kacida didama damana, nu pohara dipikanyaahna.
|
Anjing
|
31.
|
Anjing ngagogogan kalong
Hartina : Mikahayang nu lain lain nu pamohalan pilaksanaaeun
|
|
32.
|
Nulungan anjing ka dempet
Hartina : Nulungan jalama nu teu boga rasa tumarima
|
|
33.
|
Beuteung anjingeun
Hartina : Ngeunaan beuteung jelma nu beuteungna siga beuteung anjing
|
Andon
|
34.
|
Tikoro andon peso
Hartina : Ngadeukeutan jalma nu bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka
urang
|
Anteur
|
35.
|
Paanteur anteur julang
Hartina : Silih anteur make aya dua tilu kalina
|
Aub
|
36.
|
Aub payung, sabet sapon,
sabasoba
Hartina : Wewengkon ngeunaan tanah
|
Areuy
|
37.
|
Ngadaweung ngabangbang areuy
Hartina : Pohara nieung na kana zaman nu geus ka sorangbnepika matak
waas pacampur jeung sedih
|
Ari
|
38.
|
Ari umur tunggang gunung,
angen angen pecat sawed
Hartina : Umur geus luhur, hate mah ngongoraeun keneh
|
Asa
|
39.
|
Asa ditonjok congcot
Hartina : Meunang kabungah gede nu teu diarep arep
|
|
40.
|
Asa nanggeuy endog
beubeureumna
Hartina : Kacida nyaahna
|
|
41.
|
Asa potong leungeun katuhu
Hartina : Leungiteun jelma nu pohara hade gawena
|
|
42.
|
Asa tungkeb bumi alam
Hartina : Rarasaan jalma nu keur pohara bingungna , poek pipikiranana
|
|
43.
|
Henteu asa jeung jiga
Hartina : Teu asa asa teu asa ka deungeun deungeun asa ka dulur bae,
lantaran geus lila babarengan
|
Aseupan
|
44.
|
Tamplok aseupan
Hartina : Nurun sagemblengna ka anak boh dedegana boh tingkah polahna
|
Asih
|
45.
|
Nu asih di pulang sengit , nu
haat dipulang moha
Hartina : Nu hade jeung loba jasana ka diri urang dinyenyeri ku
urang, ku omongan atawa kalakuan
|
Ateul
|
46.
|
Ngaliarkeun taleus ateul
Hartina : Ngabeja bejakeun kagorengan atawa kajahatan anu lian
|
Ati
|
47.
|
Ati mungkir beungeut
nyanghareup
Hartina : Siga suka tapi henteu, siga bageur tapi henteu , cindekna
omongan jeung kereteg hate teu sarua
|
|
48.
|
Ati putih badan bodas
Hartina : Beresih hate teu aya geuneuk maleukmeuk
|
Acak
|
49.
|
Ngacak ngebur
Hartina : Rek make naon bisa , sabab geus aya jeung sadia
|
Awak
|
50.
|
Awak sabeulah
Hartina : Teu ririmbitan, teu boga salaki atawa pamajikan
|
|
51.
|
Awak sampayeun
Hartina : Make pakean nu kumaha bae oge katempo alus
|
Awur
|
52.
|
Ngawur kasintu, nyieuhkeun
hayam
Hartina : Ngaraeh jeung darehdeh ka dengeun sabab hayang dipuji, tapi
teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur baraya
|
Tidak ada komentar:
Posting Komentar